Peta Lokasi DEDE's

Contoh Naskah Drama Bahasa Sunda

Sabtu, 14 Mei 2011


Tokoh-tokoh drama    :
-          Andita      :  Anak si Intan nua hayangeun  sakola
-          Hamzah    :  Narasi
-          Iwan         :  Babaturan si Andita
-          Intan         :  Inungna si Andita
-          Nurul        :  Guru
-          Syahrul     :  Babaturan si Andita


AKHIRNA BISA SAKOLA

( Dina hiji imah aya hiji kaluarga bogaeun anak, anakna teh ngarana Andita )

Andita      : Umi……….

                  ( Umina digeroan du kali tongoi wae )

Intan         : Naon maneh teh ngan gegeroan wae, hayang naon ?
Andita      : Umi ditamah hoyong sakola kos barudak…..
Intan         : Panb sakola teh kudu maje biaya…biaya timana atuh urang mah jang dahar oge hese…..
                  ( Bari ngelus-ngelis mastakana si Andita )
                  Sabar we neng insya Allah lamun aya rezeki mah tos pasti ku umi disakolakeun, da umi ge hoyon gaduh murangkalih teh anu sakola leuwih ti umi…..
Andita      : Nya atuh mi….

                  ( Dita sabari tungkul )
                  ( Beurang-beurang babaturan si Andita anu ngarana Dani,Syahrul jeung Iwan baralik ti sakola ngomongkeun si Andita )

Dani          : Rul,karunya nya si Andita teu sakola ?
Syahrul     : Nya Dan, kumaha deui atuh da urang mah moal bisa ngabantu….
Iwan         : Eh dak….pan ceuk bu Guru cenah aya bantuan lin ti sakola?
Dani          : Bantuan naon seteh ?
Iwan         : Si Syahrul geura apaleun!!!
Syahrul     : Emm….dana BOS lin nu ti pamarentah ?
Iwan         : oh……atuh eata we urang ajukaeun ka sakola!!!
Dani          : He’euh lah isukan urang bejakeun ka bu Guru….

                  ( Kaisukanana barudak nyaeta Dani,Syahrul jeung Iwan arindit ka sakola,nepi disakola barudak langsung nanyakeun soal babaturanana nu ngarana Dita..)

Syahrul     : Bu abdi hoyong naros??
Nurul        : Aya naon rul??
Syahrul     : Kieu bu, dikamping abdi aya rerencangan nu hoyongeu sakola, tapi biayana teu aya ….saur Ibu aya bantuan sanes ti pamarentah??
Nurul        : Oh…muhun aya,emang saha rul nu hoyongeun sakola??
Syahrul     : Namina the Andita bu..
Nurul        : Muhun ku ibu engkin uih ti sakola ka bumina…

                  ( Baralik tisakola barudak sareng bu Guru ka bumina si Andita )

Nurul        : Assalamualaikum….
Intan         : Waalaikumsalam… eh aya bu Guru sareng barudak ..aya peryogi naon Bu? Sinanteneun…
Nurul        : Punten bu tos ngawagel, ari Dita na nyonong??
Intan         : Oh…dita
                  ( Si Andita digeroan ku umina )
Intan         : Dita….
Andita      : Nya Bu…aya naon?
Intan         : Kadieu sakedap !!!
                  ( Si Andita langsung nyampeurkeun umina )
Andita      : Eh…Dan,Wan.. bu..aya naon??
Dani          : Kieu Ta kadatangan arurang kadieu sareng bu Guru, bade ngadata budak anu teu sakola…
Andita      : Oh…
                  ( Bu Guru langsung nyarita ka umina si Andita )
Nurul        : Muhun bu..leres nu dicarioskeun ku barudak,saurna dita teh hoyong sakola?
Intan         : Muhun bu,abdi mah sanes ngalarang murangkalih abdi teu sakola…tapi kange tuang oge sesah.
Nurul        : Nah bu, aya kasempetan murangkalih ibu sakola sabab aya dana ti pamarentah nu disebatna nyaeta dana BOS.
Intan         : Oh, jadi murangkal.ih abdi tiasa sakola ?
Nurul        : Enya…jadi murangkalih ibu tiasa lebet sakola enjing sareng barudak!!!
Intan         : Emm…hatur nuhun atuh bu….
Nurul        : Nya sami-sami bu…

                  ( Bu Guru sareng barudak langsung mulih ka bumina masing-masing,kaisukanana umi si Andita langsung nyarita sabab anakna bisa sakola oge )

Intan         : Ta enjing saur bu Guru bisa sakola??
Andita      : Nu bener mi?
Intan         : Enya ta

                  ( Andita bungah sabab poe isukan sakola,kaisukanana Andita aya disakola)

Nurul        : Ta kadieu kalebet!!
                  ( Bu Guru ngajakan si Andita kajero kelas )
Andita      : Nya bu…
Nurul        : Barudak… anu dipayuneun maraneh teh nyaeta murid anyar namina Andita.       
                  ( Andita langsung diuk jeung babaturanana nu aya di kelas )
Dani, Syahrul, Iwan  :Eh dita…ahirna maneh bisa sakola oge..
Andita      : He’euh dak Alhamdulillah, nuhunya geus ngabantuan urang  ahirna urang bisa sakola jeung bisa kumpul bareng ,ulin jeung maraneh….
Dani,Sayhrul,Iwan    : He’euh….sami-sami.
                              ( Ahirna si Andita bisa sakola kos batur )

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

 

Most Reading

Stats

Pengikut

Diberdayakan oleh Blogger.

Sidebar One